Jum’at, 15 Januari 2021
Jum’at, 22 Januari 2021
Bab I
Semester 2
Mata Pelajaran Bahasa Sunda
Guru Mapel: Ghina Inayati
Tugas:
CARITA BABAD
Di semester 1 kelas X urang parantos ngabahas ngeunaan materi Dongeng. Geningan dongeng teh rupa-rupa deui jenisna, di antarana nya eta fabel, farabel, sasakala, mite, jeung babad. Tah, dina ieu kasempetan, simkuring bade nerangkeun deui naon ari Babad teh.
Babad nya eta dongeng atawa carita anu ngandung unsur-unsur sajarah, atawa carita sajarah anu dibungbuan ku dongeng. Babad oge kaasup carita wanda heubeul anu eusina medar riwayat luluhur atau ngabukbak kajadian anu aya di hji wewengkon.
Tradisi nulis Babad teh geningan geus aya ti baheula oge. kapan Carita Babad teh kaasup carita wanda heubuel tea. Manjang mangsan, kurang leuwih ti jaman naskah keneh nepi ka awal abad ka 20. aya anu ditulis dina wangun prosa, aya oge anu dina wangun puisi. Galur caritana mah sarua keneh, saperti :
Unsur-unsur Instrinsik Carita Babad :
Carita Babad MAJA KIDUL, DALEM SUKAHURANG Cirebon
Kira-kira dina abad ka-16 Maséhi di wéwéngkon Maja Kidul aya hiji pilemburan dekeut sisi walungan Cilongkrang. Harita mah walungan Cilongkrang téh estu jadi tempat pangjugjugan balaréa, sabab salian ti caina canembrang herang turta beresih ogé kasohor loba laukan, kayaning lauk beunteur, tawés, jeung pangpangna panglobana mah nyaéta lauk hurang.
Ari anu mingpin éta kampung téh nyaéta hiji jalma anu luhung ku élmu jembar ku pangabisa, nu asalna ti Cirebon. Jenenganana Syekh Abdul Jalil. Anjeunna diutus pikeun nyebarkeun agama Islam di wéwéngkon pakidulan.
Kusabab anjeunna reseup tuang jeung hurang, nya ti harita katelah ngarana jadi “Dalem Sukahurang” nu ayeuna makamna aya di Blok Salasa Desa Maja Selatan. Dina mancen tugasna, Dalem Sukahurang téh dibaturan ku réncangna nya éta Bapa Kelindur. Ari Bapa Kelindur téh nyaéta muridna Pangeran Cakrabuana ti Cirebon.
Dina hiji waktu, Syekh Abdul Jalil ngawangkong jeung Bapa Kelindur. “Héh Pa Kelindur, asana téh kacida alusna lamun di ieu pilemburan urang ngadegkeun hiji pasantrén pikeun ngajarkeun bagbagan élmu ka islaman?” saur Syekh Abdul Jalil.
“Ih atuh nya kantenan waé saé mah, abdi ogé panuju pisan upami Pangersa aya maksad ngadegkeun pasantrén mah, margi tempatna garenah, hawana tiis, atuh ka cai tempat susuci ogé caket bari caina herang sareng beresih.” témbal Pa Kelindur. “Nya sok atuh mun kitu mah ti ayeuna kénéh urang bismillahan, urang kukumpul bahan-bahanna, bari ajakan sapangeusi lembur sugan aya nu daék mantuan?” Saur Syeh Abdul Jalil deui.
“Sae, mangga. Keun abdi nu badé ngajakanna mah susuganan aya nu kersaeun ngabantuan.” Saur Pa Kelindur daria naker. Ti harita Syekh Abdul Jalil jeung Bapa Kelindur kalayan dibantuan ku sababaraha urang jalma pangeusi éta lembur babarengan ngumpulkeun bahan-bahan bangunan pikeun ngadegkeun pasantrén, kayaning kayu, batu, awi jeung sajabana.
Tapi anéh, bahan anu sakitu lobana téh unggal peuting ngurangan saeutik-saeutik nepi ka béakna. Sanggeus ditalungtik, singhoreng aya nu déléka. Bahan bangunan téh dipalingan ku pasukan jin buntung anu ngarasa teu panuju tempat éta dijadikeun pasantrén.
Hiji waktu, Bapa Kelindur ngintip hayang nyaho kumaha carana para pasukan jin buntung malingan éta bahan bangunan. Anjeunna naék kana tangkal maja. Tapi ngadadak ngalakukeuna bari ku hawa tunduh nepi ka saréan tilu poé tilu peuting dina tangkal maja téh, lantaran kasirep ku ajian jin buntung.
Ku ngaleungitna Pa Kelindur, Syekh Abdul Jalil hariwang sok sieun aya bahaya. Sanggeus ditéangan ka ditu ka dieu teu kapanggih, hop waé anjeunna boga sangka’an, moal boa diheureuyan ku jin buntung. Nya ti dinya anjeunna terus naék kana tangkal dahu, di dinya anjeunna ngadu’a ka Gusti Nu Maha Suci sangkan Bapa Kelindur bisa gancang kapanggih deui kalayan salamet.
Ku kersaning Gusti Yang Widi, ahirna Pa Kelindur bisa kapanggih deui malahan dialanteurkeun ku pasukan jin buntung, nu ngarasa taluk ku panasna hawa du’a Syeh Abdul Jalil. Pingpinan jin buntung ogé gancang serah bongkokan bari pokna: “Aduh ampun Kangjeng Syeh! Ti mimiti ayeuna pasukan kaula moal rék ngaganggu deui, jeung malahan siap bakal ngabantu kana pamaksadan Kangjeng Syekh ngadegkeun pasantren!”
Geus kitu mah hawa panas leungit, atuh tangkal “dahu” jadi pugur. Pugur hartina daunna maruragan, anu ahirna tangkalna ogé jadi paéh. Tah ti harita éta pasantrén nu diadegkeun ku Syekh Abdul Jalil téh dingaranan “Pasantrén Dahu Pugur” tepikeun ka ayeuna. Wallohu a’lam bishawab.
Jum’at, 29 Januari 2021
Jum’at, 19 Februari 2021
Aksara Sunda
Lk4 di share di kls sewang sewangan sareng tugasna nyaeta :
1. Sadaya tugas Lk1-4 di tulis di buku tulis B.sunda
2. sadaya pancen ( latihan ) di kerjakeun
3. Tugas BDR B.sunda di kumpulkeun tgl 23 februari 2020 🙏 haturnuhun
Jum’at, 26 Februari 2021
LK 5-Ulangan Harian
Kerjakeun di kertas folio bergaris
Covid-19 menjadi pandemi pertama yang disebabkan oleh Virus Corona.
Dina tembok ngajeblak tapak sapatu
Nu bogana pasti jurig
Dajalma mah moal kitu
Ngalangkung ka lawang panto
Pupuh diluhur disebut pupuh …..
Teu beunang dihurang sawah teu benang dipikamemeut ah….”
Dina conto guneman témpas sindir di luhur mana waé nu kaasup kana wangun wawangsalan tulis singlengkep?
Raja Karajaan Singasari nu katelah teh nya eta Ken Arok. Anjeunna nikah jeung Ken Dedes. Waktu Ken Dedes dikawin ku Ken Arok, manehanana keur ngandeg 3 bulan hasil ti hubungan jeung Tunggul Ametung. Sanggeus 6 bulan katukang Ken Dedes ngalahirkeun. Eta budak dibere ngaran Anusapati. Ari ti Ken Arok, Ken Dedes boga budak anu dibere ngaran Mahisa Wong Ateleng. Ken Arok ge nikah deui jeung Ken Umang tur boga budak Tohjaya. Dina Lalakon hirupna Tohjaya kungsi ngadeg jadi raja tapi teu lila sabab dipaehan ku anakna Anusapati nu ngaranna Ranggawuni.
Tina sempalan carita di luhur prak susun silsilah kulawarga dina wangun diagram!
Jum’at, 5 Maret 2021
Jum’at, 12 Maret 2021
ka siswa sewang-sewangan pun ngalengkapan sadaya tugas B. Sunda di buku catatan 🙏 haturnuhun
kepada siswa untuk menyelesaikan semua tugas di notebook 🙏 haturnuhun
Tinggalkan Komentar